KUMPULAN SAJAK SUNDA
Ku : YK Cancer 71
1. Dina Lalangse Hate
2. Fatamorgana
3. Lain Pasang Subaya ( Duriat Kudu Ka Pegat )
4. Kaheman
5. Sadar
6. Duriat Nu Kungsi Pegat
7. Sumerah Diri
8. Kahayang
9. Hanjakal
10. Guratan Hate
11. Geuning ?
12. Kalangkang
13. Rasa
14. Milih Rabi
15. Guratan hate K2
16. Dedeuh Teuing Ema
17. Carita Munggaran
18. Aki - aki
1. DINA
LALANGSE HATE
Ku : YK
Cancer 71
Lir kapas kaibunan
Teu wasa batin nalangsa
Ngageri asa di gerihan hinis
Nu wasa ngan reumbay cimata
Ambeukan berurat
Panasna dada
Cimata nu murubut ragrag
Lir sagara bedah nadada
Kudu kuat
najan Taya tangan pangawasa
Narima kadar ti nu maha suci
Leungiteun nu salawasna mirosea
Kiwari Tinggal waasna
Ngingetan Alam Katukang
Mangsa anjeun Me re Ungkara
Yen hirup mo salawasna
Sing Kuat Nahan Tunggara
Najan Nalangsa
Tetep Kudu Miboga
Kakuatan iman na jero dada
2. PATAMORGANA
Ku : YK
Cancer 71
Hiji Carita nu kungsi Kagambar
Dina lalakon mangsa katukang
Dina lambaran kahirupan
Nu salawasna Natrat na
sanubari
Bihari tepung lawung
Dina Kahirupan nu nyata
Hanjakal Geus Lain – laina
Teu bisa majar kumaha
Najan hate ngagugulung
Hayang laksana micinta
Tapi ngan ukur patamorgana
Nu moal bisa laksana
Lir ibarat kalangkang heulang
Nu taya sudana Miharep
Taya tangan pangawasa
Sakabeh rusiah gusti nu miboga
3. LAIN PASANG
SUBAYA
(Duriat Kudu Ka Pegat )
Ku : YK
Cancer 71
Nu Wasa Ukur Cimata
Marengan Panjangna Peuting
Sagara Bedah Na Dada
Nahan Tunggara Nu Teu Kendat
Nu nyaliara teu ilang – ilang
Najan di upahan
Kudatangna rasa
Nu kungsi minuhan lawang katresna
Anjeun mulang mawa beja
Ngan hanjakal lain wancina
Da bongan pasang subaya
Subaya taya bewara
Lain leungiteun hariwang
Lain meulitkeun kaheman
Tapi kadar nu ngawates
Dina sadar nu tetep matri
Tetekon ti nu maha suci
Manusa kudu gumati
Najan kahayang kudu laksana
eta sagala rusiah gusti
4. KAHEMAN
Ku : YK
Cancer 71
Dalingding angin ti peuting
Mapaesan Taman Ka Bagja
Nu Nyangkaruk Dasaring Kalbu
Sumarambah Kana Bayah
Ngusapan lelembutan
Mulasara kaheman
Dina Haleuangna Rasa Katresna
Nyaliara Sosocaning Manah
Karasa tingtrim Ati
Najan ngan ukur sawangan
Dina lampahna kaheman
marengan Renghap Pangharepan
marengan Renghap Pangharepan
Dina galura Rasa
Nu kungsi Nyariara na dada
Tetep Natrat na ati ning kalbu
Tapi lalakon geus beda jamana
Nu moal kungsi kaguar deui
5. SADAR
Ku : YK
Cancer 71
Ngageri diri
Sumeredet taya reureuhna
Ngaliara lir digerihan hinis
Na iraha bisa laasna
Janji na ati
Hirup salawasna ngahiji
Kudu kumaha ngubaranana
Sangkan amarah teu ngagulidag
Lir ibarat ombakna sagara
Ngagulidag malidkeun tekad
Nu kungsi jadi udagan
Kaheman ngahiji salawasna
Kiwari tentrem lir ibarat
Ngocor na cai walungan
Tenang ayem tingtrim
Salawasna
6. DURIAT NU
KUNGSI PEGAT
Ku : YK
Cancer 71
Anjeun datang
Sanggeus tujuh belas taun paturay
Dina dua kahirupan nu beda
Kaguar deui carita alam ka tukang
Hiji masa nu kungsi nyaliara na dada
Na kunaon bet aya geter nu karasa
Sumarambah na dasaring kalbu
Geuning nembongan najan teu di
sambat
Deudeuh teuing asihna
Bet sadrah ku kahariwang
Nandangan tunggara kahirupan
nu can tangtu
7. SUMERAH DIRI
Ku : YK
Cancer 71
Sataun katukang
Mangsa anjeun aya di kieuna
Teu kungsi janji tinekanan
Naon nujadi udagan
Kiwari urang pajauh
Dina lembaran kahirupan
Nu beda ti bahari
Teu kahontal najan kajewang
Lain kuduna urang ngahiji
Dina kahirupan nyata
Eta man ngan saukur ngimpi
Nu moal aya tungtungna
Lain pasang subaya
Mun urang antukna pipisahan
Tapi hiji tekad sajati
Cinta mo salawasna ngahiji
8. KAHAYANG
Ku : YK
Cancer 71
Mangsa kuring miang
Dina harepan jeung impian
Ngudag kahayang
Nu teu acan kahontal
Meakeun kaheneg
Dalah kumaha jeung kamana
Neangan sagala karempan
Nu teu weleh nyantel
Najan wanci geus robah
Taya pisan bumela
Nembongan sagala udagan
Nu taya laratanana
Ngan ukur lamunan wungkul
Ngan ukur kahayang wungkul
Bari iraha datangna mangsa
Nu mawa bagja miceun cimata
9. HANJAKAL
Ku : YK
Cancer 71
Mun kongang hayang nyarita
Mun wasa hayang miboga
Mun nasib hayang dirubah
Mun kadar baris sumerah
Taya rasa keur manehna
Taya semu keur deudeuhna
Taya kahayang keur dirina
Ngarobah laku lampah na
Naha bet kieu jadina
Maksakeun duriat sangkan teu pegat
Ngelehan mere ajen
Sangkan bisa kumbuh salawasna
Ngan hanjakal taya robahna
Tetep ngahiji dina beungkeutan
Tapi taya nu bisa ngayuman
Rasa asih jeung cinta na
10. GURATAN
HATE
Ku : YK Cancer
71
Ngajerit maratan Langit
Meakeun Jemplingna Peuting
Sumegruk ceurik na langsa
Ngelehkeun seahna Angin
Teu kampeuh ka ambek
Teu kawadahan cimata
Ngaguludug geterna rasa
Ngaguruh na jero dada
Gusti ..... na iraha laksana
Jadi manusa nu salawasna
Aya guna Jeung mangpaat
Bisa mere bagja ka sasama
Nu bisa ngan ukur reumbay cimata
Hanjelu ku nasib diri
Nu salawasna tunggara
Ngingetan na iraha tinemu bagja
11. GEUNING ?
Ku : YK Cancer
71
Poe ieu , detik ieu
Kuring sumujud
Aya renghap nu nyugak
Nu hese diilangkeunnana
Najan dibarengan ku ceurik
Puluhan taun wancina
Teu bisa palid
Najan di kumbah ku rasa kaduhung
Naja di elap ku hajakal
Najan di sebor ku amarah
Taya nu bisa ngubaran
Hiji tapak lampah nirca
Geuning kitu kuduna
Muka lambaran anyar
Pinuh cucuk rungkang
Dina kahirupan kiwari
12. KALANGKANG
Ku : YK
Cancer 71
Aya hariwang nu ngalangkang
Dina Lambaran Kaheman
Natrat Dina Dada
Kecap Jangji Ngahiji
Ngan Iraha tinekanan
ngambah sagara kahirupan
Nu can kungsi kahontal
Laksana sapaneja
Anjeun nu kapicangcam
Bet hate jadi kingkin
Ngingetan nu bakal datang
Weleh mo karandapan
13. RASA
Ku : YK
Cancer 71
Mukakeun lalangse hate
Dina lambaran carita
Nu teu weleh dilakonan
Najan pinuh kapeurih
Anjeun nu kungsi datang
Minuhan rasa kacinta
Sagala rasa nu miboga
Teu kendat mumuntang
Ka gusti nu maha welas
Nu mulak malik kahirupan
Jauh keun sagala rasa
Nu teu bisa laas duka nu saha
Iwal anjeun nu miboga
Iwal anjeun nu kawasa
Leungitkeun rereged hate
Nu kungsi nyangkaruk nyangreud na
ati
14. MILIH RABI
Duriat
Ku : YK
Cancer 71
Anjeun Lain Udagan
Nu Kungsi Jadi Lamunan
Mang Taun Najan ngupahan
Tetep matri Lain Nu Anjeun
Kiwari Duriat Ngajadi
Dina Lengkah Nu Mawa Hariwang
Kana beungkeutan Nu Sajati
Na Saha Nu Subaya
Gusti nu kawasa iwal anjeun
Ngahijikeun jangji pasini
Najan Lain Kanu Di Piati
Tapi Jalan Nu Kudu
gumati
Ngahijikeun dua diri
Sanajan Lain Kitu
Tapi Wayahna Kudu Jadi sa ati
Dina beungkeutan nu suci
15. GURATAN
HATE KA 2
Ku : YK Cancer 71
Taun Kataun Taya Nu pasti
Ngarepkeun hiji ungkara
Nu kedal lisan para pangais
Nu can kungsi kapimilik
Najan aya basa
Najan aya carita
Kabeh ngan saukur ngubaran
Sangkan urang tetep bela
Tapi urang teh manusa
Nu boga rasa kahayang
Sangkan hirup lewih nanjung
Kawas batur nu geus bisa
Taya pangait anu pasti
Pangbibita terus nyarita
Na iraha – na iraha
Laksana sapaneja
Iwal gupati nu bisa bela
16. DEUDEUH
TEUING EMA
Ku : YK Cancer 71
Lengkah teneung nyorang kahirupan
Mawa kanyaah anu teu laas
Di barung ku cinta anu wening
Dina lembaran katunggaran
Harita basa kasawang
Anjeun nyangsaya pasrah
Nandangan rasa nu kasiksa
Mangsa hareupan geus musnah
Dedeuh ema cipanon marengan
Sumegruk kuring ngado’a
Mugia allah nyarengan
Nepikeun kanyaah jeung ka
cinta kuring
Dedeuh ema
Urang bakal paamprok
Dina kaayaan anu sarua
Matrikeun asih jeung dedeuh
Do’a kuring marengan anjeun
17. CARITA
MUNGGARAN
Ku : YK Cancer 71
Galindeng Sora Anjeun
Matak Betah Rarasaan
Nyalira Dina Raga
Mapaesan taman kabagjan
Kembang mawar ligar
Diambung seukeut
Sumarambah kana bayah
Minuhan sanubari
Mikangen tresna munggran
Naratas dina galindeng kaeling
Taya wates taya halalang
Matri dina sela sela harepan
18. AKI – AKI
Ku : YK Cancer 71
Ketrok – ketrok
Aha oho nyesek na dada
Lenggut teu kuat tunduh
Nahan hanaang jeung lapar
Lenggut – lenggut , gujubar
Katatang – koteteng neang iteuk
Batuk batur hirup
Iteuk batur leumpang
Saha anu resep ?
Saha anu ngewa
Tapi bakal karasa
Lamun tepi kana waktuna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar